Senin, 16 Mei 2011

KAHAYANG MAH ..... ahihi

Kahayang mah, ..
Bisa mungkas mangpirang-pirang harepan ieu ku hiji jangji nu bakal pasini.
Kahayang mah, ..
Bisa mungkas kapanasaran teh ku diamprokkeunna dina hiji mangsa nu mustari.
Kahayang mah, ..
Manehna mawa beja nu matak pibungaheun,
nyingraykeun mega hideung nu ngadingding,
nyingraykeun kabingung jeung kasakit nu geus lila teu kaubaran.
Kahayang mah ..
Kahayang mah ..
Duh, Gusti!
Naha bet loba pisan kahayang atuh ari kuring teh, nya?
Cik atuh, sakali-kali mah ..
Laaah .. lain, ketang!
Lain sakali-sakali ieu mah, tapi geus sakuduna narimakeun.
Da sagala rupa ge geus aya nu ngatur.
Ulah rek aral subaha.


Duh, Gusti!
Rupina kuring mah ngan saukur nganaha-naha,
kunaon bet jadi kieu, kunaon bet jadi kitu?
Singhoreng teh loba teuing kahayang jeung nungtut itu ieu..
Ah, janten isin.
Cik sugan sok nanya ka diri, naon nu dipundut Gusti ti umat-Na?
Teu aya sanes. Iwal ti jalma-jalma nu sabar jeung tawakal.
Ulah rek boga rasa leutik hate tina rahmat-Na, saurna kitu.
Leuuh..!!
Atuh ah, ti ayeuna mah rek dilakonan sagala nu karandapan ieu teh ku hate nu ikhlas, sabar tur tawakal.
Nyi…!
Cik, Akang bade tumaros ..
Naon kahoyong Nyai ayeuna?
Sami sareng akang teu?
Upami sami mah.. Nuhun we. Kantun ngantos waktos sareng widi ti manten-Na.
Upami henteu mah.. Hapunten we.
Rupina eta mah ukur peraosan nyai hungkul.
Hapunten..
Barina oge ngan saukur kahayang
Halaaah.. Kieu geuning nya..
Dipungkas ku salam sono sareng kadeudeuh ti simkuring ..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar